Urang Turki, Inggris jeung Indonesia Dihukum di Arab

lintaspriangan.com, BANYOL SUNDA. Hiji waktu, urang Turki, urang Inggris jeung urang Indonesia, ditewak ku polisi di Arab. Tiluanana kapanggih ngamar jeung nonmuhrim. Maranehna bakal dihukum masing-masing dipecut tonggong 30 kali ku algojo nu awak na jangkung badag.
Tapi saacan dipecut tonggong, Pulisi Arab nyarita kieu…
“Saacan dihukum, maraneh boga kasempetan ngajukeun hiji pamenta. Bebas, naon wae pamenta maraneh bakal ditedunan, kecuali menta teu dipecut. Teu bisa eta mah da hukuman na dipecut,” ceuk Pulisi Arab.
Urang Turki digeroan tiheula. Baju na titah dibuka, tuluy kudu nonggongan ka algojo nu geus ngamang-ngamang pecut.
“Sok, naon pamenta maneh?” ceuk Pulisi Arab.
Si Urang Turki katingali bingung, luak-lieuk kaditu kadieu. Sabot kitu, manehna nempo dina korsi tamu aya bantal. Tuluy manehna boga ide cerdas.
“Pamenta kuring, pangnaliankeun bantal nu dina korsi tamu kana tonggong kuring.”
“Heug!” Ceuk Pulisi Arab, bari mawa hiji bantal korsi tuluy ditalian kana tonggong Si Urang Turki.
Teu lila, jelebet!.. Jelebet! Sora cameti dipecutkeun. Bantal nu ditalian kana tonggong Si Urang Turki lumayan manfaat, bisa nahan 25 kali pecutan saacan awut-awutan. Lantaran katulungan ku bantal, Si Urang Turki sabenerna ngan narima 5 pecutan.
“Urang Inggris, giliran maneh ayeuna!” Ceuk Pulisi Arab.
Bari geumpeur, Si Urang Inggris ngalengkah ka tempat hukuman. Manehna tuluy nyarita tentang pamenta manehna saacan dipecut.
“Pamenta kuring mah, itu bantal korsi talian na tonggong kuring siga tadi Si Urang Turki, tapi dua nya bantalna,” ceuk Urang Inggris.
‘Heug!! ceuk Pulisi Arab.
Jelebet!… Jelebet!… Nepi ka 30 kali pecutan, tonggong Si Urang Inggris salamet, lantaran bantal na aya dua.
Sanggeus beres dipecut, Si Urang Inggris meneleng ka Urang Indonesia nu katingali keur santai.
“Heh Indonesia, puas siah bantalna beak. Euweuh nanaon deui di ruangan ieu, maneh pasti moal kuat, maneh pasti maot dipecut 30 kali,” ceuk Si Urang Inggris.
Urang Indonesia males ku seuri ipis. Teu katempo saeutik ge manehna sieun ku hukuman pecut.
“Indonesia, giliran maneh. Dieu!” Ceuk Pulisi Arab.
“Maneh mah awakna leutik. Kumaha atuh, bae mun maot? Jaba bantal beak,” ceuk Algojo.
“Ah wios, Jo. Tenang we. Malah mun bisa mah ulah 30 pecutan kagok. 100 atuh pantes na mah,” jawab Urang Indonesia.
‘Maneh nantang Aing!? Asa jago meureun maneh nya, Boa urang Banten maneh euy. Ku urang maneh bakal dipecut 100 kali,” ceuk Si Algojo, panas.
“Deal siah nya 100 kali. Mun maot, urang teu tanggung jawab. Bongan maneh nangtang. Ayeuna naon pamenta maneh sok buru sebutkeun,” ceuk Pulisi Arab.
“Pamenta kuring, pangnaliankeun Urang Inggris na tonggong kuring!”
(Lintas Priangan/AA)