Guru Agama Ngajak ka Surga

lintaspriangan.com, BANYOL SUNDA. Hiji waktu, Guru Agama Islam di hiji SD di Tasikmalaya, keur nerangkeun tentang endahna syurga. Manehna nerangkeun ka barudak SD, kumaha nikmatna hirup di jero surga. Sanggeus beres nerangkeun, Guru tuluy nanya ka murid-muridna.

“Jadi, saha nu hayang asup surga?”

“Abi, Pa. Abi… Abdi… Saya,” murid-muridna ngajawab.

Tapi aya hiji nu cicing, Si Udin. Si Guru panasaran. Manehna ngulang pertanyaan, bari sora na leuwih tarik batan tadi.

“Cing saha nu hayang asup surga, ngacung!”

Siga tadi, murid raeng ngajarawab, ayeuna mah bari ngacung paluhur-luhur. Tapi, kecuali Si Udin. Manehna tetep teu respon.

Si Guru beuki panasaran. Na hatena, boa-boa Si Udin mah embung asup surga.

Si Guru tuluy ngadeukeutan Si Udin. Bari satengah ngagoworok, nanya deui ka murid-murid.

“Cing terkahir ieu mah Bapa nanya. Saha nu hayang asup surga, nangtung!”

Murid raeng ngajarawab, bari paheula-heula nantung. “Abi.. abi.. abi.”

Tapi, Si Udin mah teu nangtung. Si Guru tuluy nyampeurkeun Si Udin.

“Udin, ari maneh naha teu nangtung. Embung asup surga?”

“Ih nya hoyong atuh pa, piraku alim,” ceuk Si Udin, ngajawab santai.

“Atuh naha teu ngacung, teu nangtung?” tanya Si Guru.

“Ari kitu bade angkat ayeuna, Pa? Sok we ah Bapa tipayun ari ayeuna mah,” ceuk Si Udin.

“Geheel maneh Udin, Nangtung di hareup!”.

This website uses cookies to improve your experience. We'll assume you're ok with this, but you can opt-out if you wish. Accept Read More